Interpretasi Kakawihan Barudak Baheula

Kakawihan mangrupa alat anu digunakeun ku masyarakat, sangkan naon anu aya dina gerentes haténa teu kaharti ku batur anu aya di luar komunitasna (bahasa sandi). Contona, lagu Ambil-ambilan bisa jadi aya patula-patalina jeung kondisi urang sunda harita anu rék dijadikeun kuli (meureun dijieunna dina jaman penjajahan) ; nu matak basa aya anu rék diambil, dijieun mangrupa-rupa alesan.

Jaleuleu ja. Lagu ieu téh cenah dijieun dina mangsa tatar Sunda diserang  ku Mataram. Lagu « jaleuleu ja » aya anu nyurahan siga kieu :

Jaleuleu ja  ( aya Jawa)

Atulak tu ja éman gog (Nitah ka jang Eman lamun aya Jawa kudu nagog – pasang kuda-kuda, hartina kudu siap-siap)

Seureuh leuweung bay (seureuh leuweung téh biasa ogé disebut gebay, bentukna siga taméng – kukituna lamun aya Jawa, salian ti kudu siap téh – nagog – téa, ogé nyiapkeun taméng)

Jambé kolot bug (jambé kolot téh di Sunda mah disebut jebug – jadi lamun musuh datang – kudu digebug)

Ucing katinggang songsong ngék (ngagebugna nepi ka siga ucing katinggang songsong – ngék ……………….)

Ayang-ayang gung. Lagu ieu nyaritakeun masyarakat di hiji wilayah anu sahéng (Ayang-ayang gung Gung goongna ramé) nyaritakeun kalakuan pamingpinna nyaéta ménak Wastanu nu jadi wadana. Pangna diaromongkeun téh kusabab kalakuanana olo-olo (naha manéh kitu – tukang olo-olo),  giruk — ruket (ngabalad jeung kumpeni). Tujuanana mah taya lian sangkan bisa naék pangkat – sanajan bari jeung (kalakuan kitu téh) goréng.  Ninggali wadana anu kitu petana, saenyana rahayat ngaharepkeun dalem – tapi dalem ogé sarua misleukna (lNgantos kang jeung dalem, Lempa lempi lempong, Ngadu pipi jeung nu ompong) Ngeunaan jalan ka batawi ngemplong bisa dihartikeun yén pamingpin jaman baheula ogé leuwih oriéntasi ka luhur alias ka batawi.

Ningningnang – ningnang dot em dot blem. Ieu gé nyaritakeun kalakuan dalem anu misleuk, ari dongkap ka hiji wilayah sok dipapag ku bajidoran, tidinya teras tutunjuk « kembang malati ». Kalakuan saperti kitu ku masyarakat disarebutna « adu gandék raja belang «

Néng nang néng prak. Lagu ieu mah ngagambarkeun kuwu pedit kariaan (sigana juragan kuwu téh janggotan kawas embé). Susuguhna ogé kapan lauk bilatung, kéjona – kéjo gandrung.

Truk-truk brung. Lamun kalakuan kuwu, wadana, dalem saperti anu disebutkeun di luhur, tong anéh lamun rahayatna malarat. Bayangkeun waé, sarubak-rubakna/sapanjang-panjangna buntut lutung, tuluy dikenyang-kenyang barudak, mangkaning salawé widak. Ceuk bahasa ayeuna mah kaayaan kitu téh ngagambarkeun silih bagi kamiskinan (shared poverty).

Ehon bérod. Lagu ieu siganana nyaritakeun mata-mata anu nyamur jadi tukang oncom. Disebut mata-mata téh sabab sok « comél ka nu gélo » (bisa jadi pamaréntahan walanda atawa jepang, kukituna lamun aya tukang oncom ngaliwat, rahayat kudu ati-ati ngomong (trung-trung-trung kohkol alarm).

Pacublek cublek uang, ngajakan rahayat pikeun motong « kerbau péndék » (Jepang) jeung motong « kerbau tinggi »(walanda) ; sedengkeun anu tinggina jemblang-jemblung mah taya lian tentara Gurkha.

a.    Ngagambarkeun kaayaan.       Lamun analisa di luhur bener, kakawihan téh bisa jadi dijieunna patula-patali jeung hiji kajadian (aya faktor waktu). Contona, jaleuleu dikira-kira jaman Dipati Ukur, Ehon berod dijieun dina jaman penjajahan, nya kitu ogé ayang-ayang gung. Tina lalaguan ogé, urang bisa ningali kalakuan bangsa Cina dina jaman penjajahan. Kapan waktu si Roji meuli paku, ku babah teu dibéré, malahan pokna téh mata sia. Palebah dieu urang ogé bisa ngakurkeun jeung sajarah, utamana posisi Cina dina Jepang anu sigana mah meunang posisi khusus (dai nippon nu kawasa).

b.     Ngaramalkeun ka hareup. Waktu Sukarno tibeubeut tina kalunguhanana, anu kababawa téh lain ngan ukur manéhna, tapi ogé anték-antékna. Ninggali kaayaan kieu aya nu nyarita, cenah « oray  bungka » – baca Bung Karno téh jadi kanyataan, kabeh anu nutur-nutur (dipandeuri) Bung Karno kalaut.

c.   Ulin kecap. Dina lagu éhon bérod, bangbang kalima – lima gobang, santri maan dodol katinggali padalisan anu tungtung dijadikeun padalisan anyar.

d.    Kaulinan dina hiji kaayaan, contona dina ojok-ojok uang–aung, ojok ata iti.

e. Heureuy biasa, saperti dina  pérépét jengkol , cingcangkeling, disurung ungkug-ungkugan (bulu irung digelungan, bulu kéléh dilélépét)

Panutup Catur

Analisa di luhur éstuning dipapantes. Dina sababaraha hal ngan saukur interpretasi, leres jeung henteu na mah kedah digali ku ahlina (sanés pagawéan insinyur pertanian sapertos pribados). Tapi kalah kumaha ogé ieu téh kabeungharan urang sunda.

Paris, 11 Juli 2005

Kenging mulung tina  http://cisayong.wordpress.com

About pamulihan

Editor

Posted on 06/07/2011, in Paguneman. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: