Category Archives: Dongeng

Carpon

DAUN SENTE JADI SAKSI DURIAT URANG

Ku: Asep JS

Balik ka imah, brus kuring mandi di Leuwi Kuda tukangeun imah. Mun pareng genah gegejeburan, sok poho ka batur nu ngantay rék milu ka cai. Geus rényom kadéngéna. Si bibi rék nyeuseuh mah, Mang Jae rék miceun mah, Nyi Mimin rék ngisikan mah, jeung nu séjénna. Atuh réngsé mandi téh kabéh pada ngékéak. Puguhing Mang Jae mah, teu weléh bari nyindir.

“Abong lila bubujangan, Sep, mandi gé lila. Iraha kawin, Jang?” pokna bari seuri ngahahah. Geus remen nu nanya, komo Mang Jae mah, tapi sok tara dilayanan. Bubuhan kakeuheul. Mun seug Mang Jae lain kolot, geus titatadi ditalian di tangakal balingbing pipir imah. Katempo kopéahna ngaleos, sengit haseup bakona néjéh liang irung.

Di jero kamar kuring ngarahuh. Panon anteng melong eunteung. Geuning nyaan katempo pisan geus kuduna mungkas lalagasan. Umur sakieu di lembur mah moal teu pada nganaha-naha can boga pamajikan téh. Tapi da nepika ayeuna, mumul kawin téh. Lain teu payu, geus aya nu harayangeun mah. Mumun mah, randa Isah mah, Téh Ninih mah, Kokom mah, Vera mah, Dedeh mah. Kabéh gé saropan tur gareulis manis. Nya kuring resep kénéh léléngohan. Lain sieun, lain teu boga biaya. Puguh wé gawé mah geus kawilang lumayan. Tabungan di bank geus meujeuhna keur rumah tangga mah. Kumaha deui, haté embung baé méréan. Teu bisa dipaksa-paksa.

Kadieunakeun, geus tara aya deui nu nganaha-naha, iwal Mang Jae wé nu bangor kénéh ngaheureuyan kuring sual kawin mah. Mang Jae, kitu deui nu di imah, geus sieun mun nanyakeun sual kawin téh. Éta gé tisaprak kuring mudalkeun kaambek kanu di imah lantaran hayoh ditanya iraha kawin. Murang-maring sagala disépak. Adat kuring gedé ambek. Tisaprak kajadian éta, urang imah teu wani-wani deui nyeungeut amarah kuring. Sensitip ngomong sual kawin mah.

****

Awéwé-awéwé nu mimitina ngadeukeutan kuring ge ayeuna mah geus tara datang ka imah deui. Kabéh geus ngarasa bosen nungguan kuring. Béja mah Mumun can lila kawin jeung Kang Dadang, urang Majaléngka. Randa Isah teu kuat hayang rumah tangga, antukna kawin jeung mandor Kamya. Téh Ninih béjana keur deukeut jeung urang Ciketug. Vera geus tara deui ulin ka imah, bejana Dedi mikahayang. Kokom geus pindah ka Cilebak. Dedeh béjana kapincut deui ku lalaki séjén. Kabéh gé lus-les pada néang jalan séwang-séwang, bakating ku cangkeul nungguan jeung miharep kuring meureun. Mang Rosid mah ngahanjakalkeun kana lalampahan kuring. Cenah mah awéwé geus dina lawang panto, kari unggeuk. Nya ayeuna mah kabéh pada bedo kudu lila nungguan kuring unggeuk daék tumarima rumah tangga. Jadi iraha rék kawin? Teuing atuh!

****

“Sep! Geus siap, Sep?!” kadéngé aya nu ngageroan di luar imah, meupeus lamunan kuring. Rikat kuring maké baju. Inget poé ayeuna Mang Rosid hayang dianteur ka Subang, ngadon rék neangan sorabi di pasar. Teuing keur naon! Keur nini Mimih meureun.

***

Dina jalan kuring amprok jeung Agus, babaturan és ém pé. Atuh sono geus lila teu tepung. Nya sajajalan téh ngawangkong. Manéhna geus boga budak hiji. Cenah kawin jeun urang Ciberung, urut babaturan sakelas pisan. Enya, jeung Ida. Kuring inget kénéh.

“Sep, kamari pisan panggih jeung Dedi. Jadi ogé nya rék kawin. Jodona mah geuning jeung Kokom nya…” Ceuk Agus. Kuring ngaranjug.

Jeung Kokom?

“Béja mah rék ka Vera?” kuring kerung. Agus malik kerung.

“Har, karék apal ilaing? Atawa api-api teu apal?” Agus heran.

“Keur naon kuring api-api teu apal. Apanan Dedi gé geus lila tara ulin deui ka imah.”

Témbal kuring. Agus katangen gogodeg.

“Vera teu nyarita?”

“Nyarita nanahaon, Vera gé ayeuna mah tara ulin deui ka imah. Sugan téh geus kawin

jeung Dedi di Bandung.” Tembal kuring. Jempé sakeudeung.

“Sep, Ceuk Dedi mah manéhna téh mikahayang Vera, tapi Vera nampik. Nya ayeuna jadina mah jeung Kokom. Milu hiber rumah tangga di Palembang. Beu, ilaing babaturan ulin keur leutik Dedi malah teu apal..” Agus ngajéntrékeun. Kuring ngahuleng.

“Ilaing nyaho kunanon Vera nampik Dedi?” Agus nanya.

“Naon?”

“Ceuk Dedi mah Vera miharep rumah tangga jeung ilaing. Vera sorangan nu balaka ka Dedi, yén manehéhna rék satia nungguan ilaing. Beu ilaing bet téga mihukum Vera. Malahan ceuk beja kamari-kamari indungna geuring parna, mikiran budakna can kawin-kawin…”

****

Leng pikiran asa rinyay ngadéngéna, nyéah kana jero dada. Di Sukasari Dedi pisah. Babaku poé minggu mah di jalan téh sok rame. Pangpangna mah di pasar Subang, paciweuh ku nu lalar liwat rék ulin ka pasar mingguan . Panon poé geus karasa panas. Hawa beuki bayeungyang. Pikiran jeung haté noroweco teu pupuguh. Baruk Vera nungguan kuring?

Hawar-hawar ti kajauhan kadéngé haleuang tembang sunda di nu hajatan. Nya ngadéngé tembang téh jadi aya dédéngéeun dina kaayaan kitu mah. Rey karasa aya nu ngeleketey dina lelembutan. Deng tembang marengan panineungan nu teu karasa kumalayang. Haleuang tembang karasa kana puhu kalbu…

asih urang…

diapungkeun ka langit

muntang kana mega

ucang-angge duaan…

asih hurang…

dipentangkeun ka langit

manteng dina bulan

ayang-ayangan duaan…

asih urang…

tingkaretip jiga bentang1

…..

Ser, haté nu simpé dumadak haneut ngadéngéna. Tembang bieu lir ungkara basa nu ngusapan mapay-mapay garingna rasa. Tembangna nyaritakeun wanoja nu keur geugeut panineungan ku rasa cinta. Kumalayang haté sajongjonan. Ngarasa bagja teu pupuguh, ngarasa ngemplong pikiran, tapi sakapeung hariwang teu puguh. Kuring ngarérét ka Mang Rosid nu titatadi teu usik-usik. Bet haté sakapeung ngarasa keueung. Enya, Dedi gé ditampik bubuhan Vera hayang satia nungguan kuring. Teuing geus sabaraha taun. Tapi naha Vera tara ulin ka imah deui? Teu kungsi lila, kadéngé deui tembang anyar tina Toa..

…..

hate ngarasa geugeut

hayang geura geura deukeut

rasa liwung gandrung

diri kapidangdung

semu ngalanglayung

hayang geura geura tepung

sawangan kumalayang ngawang-ngawang

nyipta rasa tinu anggang jeung manehna

implengan gumalindeng anteng mayeng

namperkeun rasa katineung kadirina

harepan geus jadi ampihan rasa

moal laas najan anggang jeung manehna2

…..

Bener tangtu Vera masih kénéh kangen ka kuring? Bener tangtu manéhna teu pundung kawas nu lian? Bener ceuk Agus, kuring téga nganyenyeri manéhna. Sok jadi hanjakal geus kasar ka Vera. Kuring nu kungsi kasar ka manéhna. Kuring nu kungsi nyentak manéhna. Babakuna teu ditarima teu ditakon unggal manéhna nganjang ka imah. Geuning Vera mah tetep satia, tetep miharep. Teu karasa tembang dina kasét ganti deui…

…..

dina lambaran katrésna

aya ringkang can kasorang

diri kapidangdung

dipapareng kuciptaan

mugia nyorang kabancang

sumerahna ieu diri

tumarima demi cinta

najan diri kudu nandangan tunggara

najan ukur saliwatan

najan ukur sakedapan

abdi pasrah moal robah pamadegan…3

…..

Duh tangtu Vera nungguan kuring téh. Palangsiang, boa manéhna tara ka imah deui téh sieun ku kuring, tisaprak kuring ngamuk sual kawin, kabeneran manéhna harita keur aya di imah kuring. Jigana Vera nyeri haté. Jigana Vera éra. Jigana ayeuna gé Vera tara manggihan indung kuring ka imah téh lantaran sieun kuring nyangka nu lian-lian. Padahal Vera mah tibaheula gé baku sok ngadon nganteuran ka indung kuring mawa sarupaning buah-buahan. Vera nu éstuning nyaah ka indung kuring nu geus kolot…

*******

Tapi ayeuna mah Vera geus jiga nu sieun datang ka imah gé. Nu di imah gé geus tara ngomong-ngomong sual Vera. Kabéh sieun ku ambek kuring. Indung sorangan gé geus tara nyabit-nyabit sual kawin, sual Vera. Haleuang tembang teu eureun-eureun minuhan pikiran kuring, ngusapan haté kuring.

Geuning, tos dugi Tarikolot.. Kuring jeung Mang Rosid ngarénjag reuwas. Tuluy silih pelong. Geuning sarua jeung kuring, sihoréng sihoreng Mang Rosid gé titatadi anteng ngalamun, poho rék eureun di Subang mah.

“Eta geura genah ngarasa dipépéndé kawih sunda sajajalan. Sedih jeung bungah karasana panineungan…” Mang Rosid gagaro sirah nu teu ateul.

Sajajalan eta lagu di nu hajat digeder, béak diputer deui, béak diputer deui. Teu eureun-eureun. Atuh kuring gé nepika apal. Kuring jeung Mang Rosid mupakat balik deui ka Sukasari ngabélaan hayang tuluy ngadangukeun tembang. Meuli sorabi ka Subang mah teu jadi. Sapanjang balik mah euweuh nu cacarita.

Ukur haleuang tembang. Duh, sajeroning dipépénde tembang, ingetan ka Vera. Tibaheula manéhna nungguan kuring.

Teu karasa balikeunna mah gancang, geus tepi deui ka Kadupugur. Can ge lila dating, kaset pajeujeut!”

Mang Rosid ngadadak hayang buru-buru balik. Inget ka si Nini cenah. Antukna kuring leumpang sorangan. Sajajalan pikiran ngarasa sasab ka awang-awang, asa teu manggih arah. Haté norowéco ngarasa diturih wanci nu can pasti. Di tengah sawah celepuk silih udag. Kuring leumpang luhur galengan, dumadak ngarasa hariwang ku hirup…

*******

Di imah, kabéh keur kumpul. Kaayaan tengah imah jiga nu geus kaanjogan sémah. Aya bubuahan dipiringan deukeut panto.

“Aya sémah, Mah?” kuring nanya bari muka jaket. Jempé sakeudeung.

“Enya, aya Vera. Bieu pisan mulang.” Tembal indung. Kuring neuteup Mang Jae, ret ka lanceuk. Si bibi ngaléos ka dapur. Aéh aya naon asa beda tisasari. Kuring diuk ngahuleng sajongjonan deukeut jandéla kamar. Duh, Vera nganjang deui…Karasa haté nitah cengkat ngudag Vera nu jigana can mulang jauh. Kuring ngarawél jakét rék kaluar.

******

Sajajalan dada karasa beurat. Hawar kadéngé deui tembang nu tadi dina sapeker, piligenti nyiwitan ati…

lamun enya jodona

lamun enya kuduna

moal rék aya nu bisa misahkeunnana…

lamun enya cintana

lamun enya hayangna

ulah rek aya nu nyoba misahkeunnana…4

Katémbong tikajauhan Vera rék balik meuntas cukang Kanyere. Leumpang kuring digancangan. Mingkin deukuet, dada karasa mingkin heureut. Tilu lengkah ka Vera kuring ngarandeg.

“Vera…”

Vera ngalieuk, semu reuwas amprok jeung kuring. Sakeudeung silih teuteup anteub. Vera ngeluk tungkul, jiga nu teu wasa paadu teuteup jeung kuring. Kuring ngadeukeutan manehéhna. Gap teu asa-asa nyekel leungeun Vera. Kuring teu nyaho naon nu ngalamuk dina haté Vera ayeuna. Kuring nungtun manéhna mapay galengan muru saung, da harita hujan turun ngaririncik. Sajajalan kuring duaan di tiung ku daun Sente meunang nilas ti pinggir balong bapa Dayat. Gék kuring duaan dariuk di saung jiga baheula keur leutik. Nya di saung eta pisan, Vera babarengan deui jeung kuring. Lila paheneng-heneng. Duaan pabetem-betem. Kuring ujug-ujug bingung rék ngomong naon. Vera tanggah lalaunan, neuteup ka kuring sakedapan. Duh, Lis, geus lila teu tepung. Angin karasa humaliwir. Kuring jeung Vera silih teuteup. Teu karasa haté ngangkat leungeun sorangan ngaranggeum leungeun Vera.

*****

“Lis, hapunten Akang, “ pok téh,” Tong jadi pundung. Haté mah teu bisa dibobodo gening. Kuring teh gening teu bisa hirup sorangan…” ceuk kuring halon. Vera neuteup panon kuring. Duh, bulu panonna mingkin carentik baé. Vera nu geulis, kuat nandangan tunggara satia nungguan haté kuring léah tumarima. Kuring ujug-ujug ngarasa deudeuh jeung geugeut ka Vera. Katémbong aya nu ngeyembeng lebah kongkolak panonna.

“Vera bakal satia salawasna…” pokna. Teu kungsi lila manéhna ceurik. Cipanonna nyakclak kana leungeun kuring. Haneut. Teu karasa Vera nyangsaya kana dada. Cipanonna beueus karasa dina dada kuring.

********

“Horeeee!!!” kadéngé aya sora nu kareprok tukangeun saung. Kuring jeung Vera ngarénjag bareng. Reuwas naker. Katémbong Mang Jae jeung Mang Rosid saparakanca tingtorojol muru saung. Nyi Mimin, lanceuk, si bibi jeung indung kuring nuturkeun ti tukang, sareuri jiga nu bungah. Mang Udeh ajarg-ajragan atoh. Kuring jeung Vera silih pelong, tuluy Vera imut ngagelenyu.

*****

“Sep, ilaing jadi rék kawin jeung Vera téh?” Mang Jae nanya saklek jiga nanya ka maling. Kuring neuteup Vera sakeudeung. Vera imut surti. Kuring unggeuk. Sakur nu aya didinya kabéh keprok deui. Mang Udeh ajrag-ajragan. Indung kuring ngagabruk Vera jeung kuring bari ngagukguk ceurik, bakating ku bungah. Indung kuring nangtung bari nyusutan cipanon. Teu eureun-eureun syukur ka Gusti. Duh, gening salila ieu téh kuring lain nganyeuneyuri Vera hungkul, tapi nganyeunyeuri indung, ngariripuh diri sorangan…

Kuring jeung Vera silih teuteup geugeut. Barang rék nangkeup pisan Vera, Mang Udeh nyekelan taktak kuring.

“Eit, ke heula! Méméh nangkeup Vera, ilaing kudu panco heula jeung kuring!” ceuk Mang Udeh.

 “Ilaing mah Udeh, baku sok maén sengsor waé!” ceuk Mang Rosid nyereng. Kabéh nu aya didinya seuri akey-akeyan ngadéngé mamang-mamang silih haok. Vera tungkul bari imut ipis. Saung jeung daun Sente jadi saksina. Duh, Lis, kakara nyadar Akang mah, raray anjeun mun pareng kaisinan estuning katingalna ipis geulis…

SAKADANG KUYA SILIHDURUK JEUNG MAUNG

DINA hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.

Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.

“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.

Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.

“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.

“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”

“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun mémang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”

“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.

“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”

“Ari suluhna ti mana?”

“Ngala ka leuweung!”

“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang Maung.

“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!” témbal Sakadang Kuya.

“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh.

Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina luhureun éta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.

Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur baé sukuh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh, terus baé mubus kana liang anu aya di handapeunana.

“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.

“Kuk!”

“Can paéh?”

“Encan, seuneuna kurang gedé.”

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

“Can paéh kénéh?”

“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu némbalan.

“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”

Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu.

“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.

“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang Kuya kalem.

“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”

Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”

“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya!”

“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas téh, bakal leuwih gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus tegep.”

“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.

“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.

“Diduruk? Moal panas kitu?”

“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya. “Lamun arék, jung atuh néangan suluhna heula!”

Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing.

“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.

Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé hurung, tangka ngabebela.

“Sakadang Maung!”

“Heuy!”

“Hirup kénéh?”

“Hirup, euy, ngan panas geuning!”

“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.

Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”

Sakadang Maung teu némbalan.

“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.

Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.

“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.

Join 546 other followers